duh... bagja sakabeh dunya....
iraha nepangan kuring...
nu sono ka bentang hate....
nu sedih ku kacinta ati...
duh... junjungan ati....
naha cinta kudu nyeri...
kunaon nyaah kudu sangsara....
nyeri ku kasono ati...
sangsara ku jauh ti nu dipikacinta...
deudeuh teuing eulis...
sakieu nyerina pajauh...
geuning kieu nalangsana paanggang...
ngahareup nu can tangtu datang...
mikasono ka nu tara mulang...
duh... kanyaah ati...
naha iraha ieu hate kaubaran...
kumpul asih jeung nu dipikaasih.....
ngariung sono sareng nu dipikasono...
deudeuh kaasih ati...
nepika iraha bakal ditunggu...
kanyaah eulis ka ieu diri...
kadeudeuh eulis ka ieu hate..
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar