Sabtu, 13 Maret 2010

Minggu, 170110:17:28

eulis.... 34n6 sono pisan ka eulis...
34n6 hoyong pendak...
34n6 sedih pisan eulis...
hoyong ka ditu teu gaduh acis...
hoyong masihan naon-naon teu gaduh...
34n6 sayang pisan ka eulis...
kasono 34n6 masih kawas nu baheula... bahkan makin leuwih...
34n6 ngan bisa ngaluarkeun cimata, nahan kasono ka eulis...
komo teurang eulis tos gaduh kabogoh...
34n6 mah teurang 34n6 mah lain sasaha...
kanggo eulis, 34n6 mah sami sareng dulur nu sejen nu mikanyaah ka eulis...
34n6 sedih pisan eulis...
terang eulis mah tara sono ka 34n6....
terang eulis mah tara hoyong mendakan 34n6...
terang eulis mah tara hoyong terang kumaha kabar 34n6...

geuning kieu geulis... rasana...
mikanyaah nu teu mikanyaah ka urang....
asa hoyong masihan saeusi dunya...
malah naon wae... asal nu dipikayaah bagja hatena...
hoyong ngluangkeun sakabeh waktu....
kanggo ngabagjakeun kanyaah ati..

duh geulis.... kanyaah 34n6...
deudeuh teuing eulis... bentang hate 34n6...
taya poe kaliwat.... muragkeun cimata kasono....
taya peuting kasorang.... sieun kaleungitan nu dipikanyaah....
aduh... geulis...
naha teu aya... dina hate eulis....
saeutik kasono ka 34n6... dulur eulis nu sayang pisan ka eulis...
naha teu gaduh.... eulis
satungtung buuk hoyong pacakeut jeung 34n6....

eulis....
jauh panineungan...
jalan panjang ka hareup...
tetep 34n6 pasti kasiksa ku kasono ieu....
iraha eulis....
gaduh kasono ka 34n6....
iraha eulis....
hoyong mendakan 34n6....
duka ngan lalamunan 34n6....
.....
 
;