Selasa, 04 Desember 2007

Kapidangdung

kapikir unggal usik
kabayang unggal lengkah
ngagulung unggal waktu
mangkat gawe sahayuna
tunggul laku hate nu keur rujit
diuk teu betah
nangtung teu ngeunah
leumpang teu puguh
cekel gawe teu lila bosen
hayang buruan balik
hoyong manjangkeun leumpang
nempo langit, ningal tatangkalan
ngahibur diri, mepende hate

eulis ...
kumaha iue hate
nalangsa unggal poe
rujit pikir unggal wengi
nungguan nu datang jeung teu aya jol-jolna acan
ngaharep patepang bari teu nyaho iraha bakal kasorang
ngitungan poe
ngawilang minggu
teu aya deui... teu aya deui ...
nu ditunggu lebeng teu mulang
nu disono tetep teu katempo

isuk nitenan angkot
sugan aya diuk dijero rek datang nepungan
kaitung angkot ngaliwat
lewat hiji datang hiji
nu dipikaasih tetep teu balik
beuki sedih beuki sono

beurang ningalian budak sakola balik
ditaliti kabeh nu make saragam
nu geulis jeung marake jilbab
sugan eulis aya nangtung nungguan
rek datang neruskeuen sakola
tapi lebeng teu kailih
nu diharep tetep teu katingal
tumpur hate pinuh kamelang
hinggis teu kapanggih
lila moal bakal datang
nambahan jero ieu kanyeuri

peuting mariksa sofa
tempat eulis biasa sare
diteuteup anteb
dipariksa raksa
diusap ku kanyaah
disarean ku kadeudeuh
sugan kasono kaubaran
najan lain ku impi kembangna sare
tapi impen kembangna hate

0 komentar:

Posting Komentar

 
;