ti saprak pajauh
hate teu bisa nahan rasa nu teu puguh
waktu nu ngalengkah ngajauhan
napak sedih nyesakeun kanyeri
naha sono teh kawas ngeureutan ati
lalauan jeung ngajul rasa kamelang
sieun teu kapanggih deui
melang teu kasorang datang
bral reumbai cimiis ti kalangkang panon
kawas teu ngarti kuring teh lalaki
tapi da tetep hate nyeuri mah kudu aya nu surti
meureun ngan cimata
da uteuk mah moal ge ngarti
ieu tiung
dicium antel ka irung
bray ingeut ka nu boga
nu dipikaasih jeung dipikanyaah
leuwih ti buni jero ti leuwi
teteg hate beuki jauh
teu wasa nahan nalangsa
tiung baseuh tambah layeuh
iue saragam sakola
ka usap lambang sakolah aliahna
dicekel didekep kana dada
maksud ngubaran kasono
bet sedih nutug ka hate
beuki lila beuki beurat
nalangsa kabina-bina
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar