Selasa, 20 April 2010

selasa, 200410:13:12

eulis...., punten upami eulis nikah taun ayeuna atawa ateuacana umur 21 tahun... punten mang teu tiasa dongkap atawa ngabantuan eulis....

ieu teh omongan kuring?.... na tega pisan ka alo nu paling dipikancinta..., paling dipikanyaah..., paling dipikasono...., paling dipikadeudeuh.... ngomong kitu...

sabenerna mah eulis... sanes amang tega.... nu bener mah, mang moal bisa kuat papisah jeung pajauh sareng eulis...., mun eulis nikah ayeuna-ayeuna... pasti amang moal aya kesempatan deui namprakkeun kanyaah ka eulis...., mangmeulikeun naon-naon, masihan naon-naon, nyium buuk eulis ngubaran kasono kusabab lami teu pendak.

ayeuna wae... seueur hanjakal dina diri amang. lami teu ningal eulis, ieu siksaan hate kanggo mang. Kapungkur mang masih tiasa masihan jajan najan teu sabaraha, ieu teh ubar kasono amang. Seneng hate mang mun eulis nampi pamasihan ti amang. asa diaku, asa ditampi kanyaah... Ayeuna, tos lami mang teu tiasa masihan naon-naon ka eulis... boraraah masihan, mendakan eulis wae ayeunamah sesah ku taya waktu, sesah ku taya acis keur ongkosna...., mun dirasa-rasa mah eulis.... asa nalangsa hate.... geus mah jauh tara pendak...., geusmah sono..... tapi teu tiasa kumaha-kumaha.....

eulis.... mang masih aya cita-cita.....
mang masih hoyong aya kesempatan, nyakolakeun atawa nguliahkeun eulis....., nyarengan eulis milarian damel nu nyenengkeun kawas damel di kantor, supaya tiasa angkat teu keudah enjing-enjing pisan atawa uih teu kudu sonten teuing.... magrib teh aya di imah, kumpul jeung keluarga.... teu kudu cape damel... tapi aya cukup penghasilan rutin unggal bulanna, ieu gunana pendidikan teh eulis, supaya tiasa kenging damel nu teu cape euing tapi kenging acis cukup.

eulis.... mang masih aya kahoyong.....
mang masih hoyong mikacinta eulis... mang masih hoyong mikadeudeuh eulis.... mang masih hoyong mikanyaah eulis.... mang masih hoyong mikasono eulis.... mang masih hoyong caket deukeut jeung eulis....


eulis.... mang masih aya nyimpen impenan.....
coba eulis... pikiran, umue eulis teh masih 17 taun. wajar mun amang aya kahoyong nyenengkeun eulis ngajak jalan-jalan ka mall bari balanja kabutuhan eulis... ngajak makan di Macdonal, KFC atawa CFC.... mungkin teu aneh kanggo eulis.... mungkin eulis tos sering jajan sareng jalan-jalan sareng kabogoh eulis...., tangtu beda eulis... eta mah sareng kabogoh... pasti beda sareng amang mah, sabab jeung dulur pasti perasaan eulis bakal leuwih bebas.... mang oge hoyong urang sasarengan jalan-jalan sareng jajan sareng bi fatimah atawa ceu eneng...., bagjana amang mun kalaksana....

eulis....
ayeuna eulis tos gaduh kabogoh..... kabogoh nu serius ka eulis....
tangtu amang iri.... amang oge timburu....
amang iri.... loba waktu nu tiasa dikorbankeun kabogoh eulis ka eulis.... sedengkan amang.... sanajan sono kabina-bina.... mang teu wasa... mang ngan bisa sedih....
amang timburu.... pasti leuwih nyaah ka manehna.... da memang wajar....., 
sedengkeun....
amang.... salila ieu amang ngarasa nyaah amang sagede gunung.... sajero sagara..... da tetep amang mah teu terang... naha eulis aya nyaah ka amang... najan satungtung buuk....., 
amang.... salila ieu sering nahan kasono nepika teu kuat nahan cimata...., tapi amang nepika ayeuna teu terang.... naha eulis pernah sono ka amang najan sadetik atawa samenit....
amang.... salila ieu sok nunggu di sms atawa di telepon... asa bungah kabina-bina mun meunang sms di eulis...., ngan amang terang sabaraha kali eulis sma amang dina sataun ieu... amang teu wani nanya apa eulis pernah sono ka amang atawa heunteu...

eulis.....
saatosna eulis gaduh kabogoh nu serius.... amang teu bisa loba hareupan caket sareng eulis... najan hate amang tetep deukeut, tetep nyaah ka eulis.... nepi iraha wae, eulis kanyaah amang, kadeudeuh amang, kasono amang.....

eulis....
punten.... amang moal sanggup datang lamun eulis nikah ayeuna-ayeuna.....
mun eulis nikah ayeuna...., amang ngarasa ditinggal ku eulis...
naha eulis tega... ningal amang nahan ceurik....

eulis....
lamun eulis leuwih deukeut sareng amang.... amang moal sedih...
lamun eulis leuwih akrab sareng amang.... amang moal ngarasa ditingalkeun....
lamun amang teurang eulis oge nyaah ka amang... amang bakal rido.... 

 
;